Mengenal Rajah dalam Kebudayaan Sunda

- 9 Juli 2022, 16:11 WIB
Seni Tarangswa Rajah Bubuka Isbi Bandung
Seni Tarangswa Rajah Bubuka Isbi Bandung /Rinaldy Subagja / Tim PurwakartaNews.com/

 

PURWAKARTA NEWS - Indonesia merupakan sebuah negara pluraritas apalagi dalam hal kebudayaan. Tidak akan habis jika mendengar kata budaya di Indonesia, dari Sabang sampai Merauke terdapat berjuta-juta budaya namun belum tereksplor dengan baik.

Dan yang menarik biasanya dalam kategori lagu dan musik contohnya Rajah. Apa dan seperti apa rajah itu? Mari baca artikel ini dan kita kenal dan lestarikan bersama.

Rajah dalam kebudayaan sunda merupakan sebuah ritual yang wajib dilaksanakan sebelum melaksanakan upacara adat di Tatar Sunda.

Baca Juga: Contoh Teks Pembawa Acara Peringatan Hari Besar Islam dalam Bahasa Sunda

Baca Juga: Mengenal Tradisi Lisan atau Pribahasa di Masyarakat Sunda

Rajah terbagi menjadi dua yaitu Rajah Bubuka dan Rajah Pamunah. Rajah Bubuka adalah rajah yang dimainkan sebagai pembuka dari sebuah pertunjukan atau upacara adat yang berisi doa dan pemanggilan roh leluhur Sunda.

Sedangkan Rajah Pamunah adalah rajah yang dimainkan setelah pementasan atau upacara adat selesai dilaksanakan yang berisi ungkapan rasa syukur.

Baca Juga: Sudah Mengenal Istilah-Istilah Waktu dalam Kebudayaan Sunda? Cek Disini penjelasannya

Baca Juga: Masyarakat Purwakarta Harus Tahu Tentang Istilah-istilah Waktu dalam Kebudayaan Sunda

Berikut adalah salahsatu Rajah Bubuka dalam Kebudayaan Sunda:

Sampurasun...

Amit ampun Nya paralun
Agungna ka wujud Gusti nu Maha Suci
Jembarna ka para laluhur sabudér Awun
Ka Ibu Agung ka Rama Agung
Ka Ibu anu henteu muguran
Ka Rama anu henteu munggaran
Deheusna ka Ibu Rama nu jadi cukang lantaran urang gumelar di pawenangan
Nyanggakeun sadaya-daya sasaji sapuratina ngampi sari na parasa pangasih ti Ibu Pertiwi, Bumi Agung, Bumi Alit, silokaning pusaka diri.
Pami ka manungsa nu sarasa, nu sasaji. Titiswaris nu sajati.

Geus jadi uga nu natrak dina waruga
Gumulung jadi sumsum jadi balung jadi pagar pangawasa
Sumujud kanu Maha Agung, Sumunggah kanu Maha Kawasa.

Atuh dipirig haleuang jeung karinding
Haleuang nu ngajak hudang,
Karinding nu ngajak nyaring,
Sangkan hudang Alam Rasa na,
Sangkan nyaring Alam Pikir na,
Salawasna ngadem ka éling.

Teu dijajap ku rajah pameunah, ngarah mapah dina lampah nu tumaninah.
Diruwat ku sasajén sangkan saajen, saaji sapangarti jadi budi parange anu tatatiti surti turnastiti geus sadiangking daya pangawasa Gusti dina sari rasa Jati.

Ti simkuring nyanggakeun sekar pangiring catur paguyutan ka para papayun latara ogé ka para Tutunggul anu ngadep dina Batununggal
Tempat tepung na kuring jeung nu katukang,
Tempat tepung na kuring jeung nu can kasorang,
Tempat tepung na kuring jeung kurungan.

Bislinglang ti aliktok énong Alam Padangtok
énong kujang sing marga énong.
Jagad saleukeuruwis taklukeur
Jagad sakepeuluwis takeupel
Ya ingsun Pangeran Kang Purbawisesa.

Rohbani sumaré ingna,
Kadut lan usus asalna Cahya Bumi rupana hideung.
Roh hewani sumaré ingna,
Jajantung lan geutih lan dangu asalna Cahya Geni rupa na beureum.
Rohani sumaré ingna,
Nyata na pikiran ngan ingetan asalna Cahya Angin rupa na koneng.
Rohmani sumaré ingna,
Uteug lan rasalan awas asalna Cahya Banyu rupa na bodas.
Roh-ati sumaré ingna, paparo anu nyata na suci asalna tetesan Ingdatyahung,
Rohbirobi sumaré ingna udel nu bijil ti Kudus Robiyal Kudus nu geus nyangrok na Raga.
Lan sakabeh alam.

Atuh ka dulur Kula anu sajati, anu calik dipalih kulon pamuka lawang bakar malaikatna ajal putih.
Ka dulur kula anu sajati, anu calik dipalih wétan balibakir malaikat na purwa kawasa.
Ka dulur kula anu sajati, anu calik dipalih kidul tari ari-ari bukur malaikat na untun rasa.
Ka dulur kula anu sajati, anu calik dipalih kalér geutih-geutih malaikat na ajal pisah.

Nyusur tapak tilas jiwa, tapak tilas jiwa, tilas akma tapak akma, tilas sukma tapak sukma, tilas nyawa tapak nyawa, tilas maha cahaya.

Manunggal sajatining abdi kaula diri,
Manunggal sajatining abdi kaula manungsa,
Manunggal abdi sajatining kaula Gusti,
Atuh inten inten ing manungsa
Lulumpuhan pulo napas hurip
Hurip na tekeun ku Pati
Langgeung na tekeun ku owah
Hirup langgeung salawasna.

Hung ahung kasusut tunggal nu wani wenang, kadupak ku cirohani
Kadampit ku cirohani
Gunungguru candrarérang
Cihaliwung nu jang ngidul nu jang kokolakeun gunung Kudjang.

Liliri buku Citarik tatangga buku Cisalak,
Ayahing Ibu ti handap sang Ratu Tujah Kalangkang.
Ngadingding Pertiwi dipunah ku Raja Pamunah.
Datyahung doktergiling Angling Darma saking wétan kula na da hampura anu linggih pundih ka Ratu Sampurna.
Ratu Sunda nu sajawa nu bakal nyelamkeun umat sadaya caangna cahya pangandika pancerning Jati pangucap sajati ka Sanghyang Bugel Datyahung.

Ingsun darmalakoni teges mapag
Sinyaluri nutur bumi.
Curman Curcahyaning Gusti.
Sembahing alam sakabeh pancen na
Ngiring kersa na Sukbayu Kakurungan Rahayu nyurup ing waruga.
Waruga cangkang manungsa mangkaran cagening haté,
Mangka waruga ning rasa tégesna teratnitis tulis Ingsun Dat Hanumanunggal.

Manunggaling hirup hurip salawasna.
Manawi bahan katampi nyanggakeun kaula Gusti sadaya-daya pangawasa ka Ageungan Anjeunna.
Geusan neuteupkeun dinu katumbalan wujud Gusti nu Maha Suci.
Jadi Jalma anu menut kana rasa panceg pageuh ngalakon
Dina diri anu cageur,
Dina adat anu bageur,
Dina polah anu beneur,
Dina pangarti anu pinter sangkan pinanggih tilulur Rahayu Bagja Waluya

Hirup waras jatiwalagri
Nagri sampurna rahayu rahayu rahayu
Kersaning Gusti, Rahayu!
Sampurasun.***

Editor: Solahudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x